aaaaaaaaaaaaaaaa

Posted on November 10th, 2008 in Humor by aandry-neney
Basa na Salasa jam dalapan Mang Dadang ngahaja jalan ka pasar Majalaya hayang balanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dana mamawa anakna balanja kalapa salapan.

Mang Dadang :”Naha kang balanja kalapa? Kan kang Dana aya tangkalna dalapan?”

Kang Dana :”Ah … nya jang babawaan ka bapa mang, bapa saya hayang martabak kalapa…mang Dadang balanja lalab? Mana samarana?”

Mang Dadang :”Aya tah laja … salam.”

Kang Dana :”Naha laja salam, mang Dadang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang lalab mah.”

Mang Dadang :”Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan …. mangga Kang.”

Kang Dana :”Mangga….”

Mang Dadang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaranjang jang anak-anakna. Kang Dana mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa kalapana ngan dalapan… TAMAT… dadaaaah
Sent by: Mohamad Yusman on Sep 11th, 2008 Rating: 3.00 (5 votes)

Jiang Zemin Orang Garut ?

Posted on November 10th, 2008 in Humor by aandry-neney
Kabayan : “Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?”

Abah : “Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003″

Kabayan : “Uiii hebat euy …”

Abah : “Abah teaaa ….”, bari ngusapan kumis bakat ku bangga

Kabayan : “Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah.”

Abah : “Ah… ceuk sahaaa …??”

Kabayan : “Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin … hehehe … Kabayan tea…” bari gura-giru ngaleos

Abah : “Dasar si borokokok !!”
Sent by: Mohamad Yusman on Sep 30th, 2008 Rating: 3.00 (2 votes)

Next Page »